Berikut ini adalah salah satu contoh tugas laporan praktikum wawancara berbahasa sunda dan terjemahannya, semoga bermanfaat.
PANGANTEUR
Assalamua’laikum
wr.wb.
Ieu mangrupakeun salah sahiji
bentuk sajian karya tulis anu Alhamdulillah tiasa direngsekeun ku sarerea, dina
ieu makalah disajikeun hasil wawancara basa sunda ngernaan hiji perkawis.
Sajalan jeung Pangajaran Basa Sunda
Bab Wawancara anu munggaran tos kuuraang di pelajari, kukituna ieu mangrupa
hasil pengajaran dina bab Wawancara.
Kukituna Pangarang nuhunkeun
dihapunteun upami dina panyajian masih seueur kakurangan anu kedah dilereskeun.
Mugi-mugi noan-naon anu tos dilaksanakeun aya manfaatna kangge panyusun oge
tiasa manfaat kangge anu maca ieu karya tulis.
Haturnuhun, Wassalmua’laikum wr.wb
Panyusun
DAFTAR EUSI
1.
Panganteur…………………………………………………………........................................ (1
2.
Daftar eusi…………………………………………………………........................................ (2
3.
BAB I (Bubuka)
A.
Pengertian Wawancara …………………………………..................................... (3
B.
Maksud jeung Tujuan …………………………………....................................... (3
4.
BAB II (Eusi)
Bahan - Daftar Pertanyaan………………………………….................................................... (4
Hasil Wawancara Basa sunda……………………………....................................................... (5
Hasil Wawancara Bahasa Indonesia……………………........................................................ (7
BAB I
A.
Pengertian wawancara
Wawancara
nyaeta kagiatan nyarita dua arah nu biasana dilaksanakeun ku wartawan (jalma nu
neangan informasi ) pikeun ngagali informasi ti hiji jalma (narasumber)
ngernaan hiji perkawis anu patali jeung maksud anu ditanyakeun.
B.
Maksud jeung Tujuan
a)
Latihan keur jadi wartawan pikeun meunang informasi
b)
Pikeun ngagali informasi ti hiji jalma ( narasumber )
c)
Ngalaksanakeun tugas akhir semester 3 pangajaran basa
sunda
BAB II
-
Bahasan
Wawancara
ngeunaan Keraton Kanoman
-
Daftar Pertanyaan
1) Ngeunaan
ieu keraton, kunaon keraton ieu teh janten hasil pamekaran ti keraton
kasepuhan?
2) Kumaha
sajarahna eta teh kang?
3) Teras
kumaha sikep Putra nu Cikal ka eta kaputusan teh?
4) Janten
kumaha hubungan antara lanceuk jeung adi na kang?
5) Iraha
Keraton kanoman ieu didirikeun teh kang?
6) Salami
keraton kanoman ieu didirikeun, aya renovasi henteu kang?
7) Biasana
sok diayakeun acara tradisi naon bae kang di Keraton Kanoman teh?
8) oh
enya, kunaon dina panto gerbang teh dihiasan ku piring-piring, naon maksad jeung
fungsina?
9) Kantos
sabaraha katurunan anu nempatan ieu keraton teh?
10) Saha anu
ayeuna mupuhuan ieu keraton?
11) Janten ari
sadaya kulawarga keraton teh nempatan ieu keraton?
Hasil Wawancara ( Basa Sunda )
Wawancara
perkawis Keraton Kanoman
Siswa : Punten kang, bade
nyuhunkeun waktosna pikeun janten narasumber kangge di wawancara, ngeunaan keraton kanoman, tiasa
henteu?
Narasumber : Mangga, teusawios.
Siswa :
Haturnuhun kang.
Narasumber :
Sami-sami.
Siswa : Ngeunaan ieu keraton,
kunaon keraton ieu teh janten hasil pamekaran ti keraton kasepuhan?
Narasumber : Saleresna mah keraton teh teu dibagi
dua, ngan harita keur abad ka-16 anu di pupuhuan ku Panembahan Girilayah
(generasi ka-5 ti sunan Gunung Jati) anjeunna ingkah ti Cirebon ka Mataram
kusabab anjeunna nikah, teras ngagaduhan dua putra tapi anjeunna maot. Anu
janten sebab ieu keraton janten dua.
Siswa : Kumaha sajarahna eta teh kang?
Narasumber : Basa harita situasi Kerajaan Mataram
teh terpuruk. Kusabab kitu Purta nu cikal teh diasuh ku Sultan Agung Tirtayasa
di Banten, sedengkeun si Putra nu kadua diasuh jeung di gedekeun di Mataram.
Sageus puluhan taun, Utusan ti
Cirebon teh datang ka Mataram keur neangan Putra Mahkota anu lila teu
kapanggih, teras wae anu ditimukeun tiheula teh Putra nu kadua. Kusabab di
Cirebon kaayaanna darurat janten Putra nu kadua teh diangkat janten pamimpin di
kasultanan Cirebon (Kasepuhan).
Siswa :
Teras kumaha sikep Putra nu Cikal ka eta kaputusan teh?
Narasumber : Selang sababaraha taun, Si Cikal teh
datang ka Cirebon kusabab hayang apal kaayaan di Cirebon nu sabenerna. Kusabab
Si Bungsu jadi Pamimpin Di Kasultanan, Si Cikal teh Kasirihan, ahirna diayakeun
musyawarah, anu hasilna si Cikal ngadirikeun Keraton Kanoman.
Siswa :
Janten kumaha hubungan antara lanceuk jeung adi na kang?
Narasumber : Nah eta, kusabab ayana pepecahan anatar
adi jeung lanceuk, kukituna aya kasepakatan anu nyatakeun adina meunang warisan
bangunan keraton, Lanceukna meunang warisan barang-barang pusaka salahsahijina
Kareta Paksinagaliman, Panjang jimat, jsb.
Siswa : Iraha Keraton kanoman ieu
didirikeun teh kang?
Narasumber :
Siswa : Salami keraton kanoman
ieu didirikeun, aya renovasi henteu kang?
Narasumber : Sacara fisik mah keraton kanoman teu
acan aya renovasi anu ngarobah desain ieu keraton, ngan aya sakedik parobihan
anu tos kabawa ku parobihan jaman, sapertos parobihan atap ti sirep jadi ku
kenteng jeung didirikeun ranggar tari.
Siswa :
Biasana sok diayakeun acara tradisi naon bae kang di Keraton Kanoman teh?
Narasumber : Upami tos asup ka sasih mulud, biasana
diayakeun acara muludan, kagiatanna loba, aya penampilan gamelan sekaten,
ngumbah pakakas pusaka, upacara lamaran (arak-arakan), jeung acara marhabanan.
Siswa : oh enya, kunaon dina
panto gerbang teh dihiasan ku piring-piring, naon maksad jeung fungsina?
Narasumber : piring-piring dina gerbang teh teu
aya maksad nanaon ngan ukur hiasan wungkul, ngaran eta Gerbang the nyaeta panto
Senggrowong pikeun gerbaang asup ka wilayah keraton biasa dipake pikeun acara
maulid nabi, arak-arakan panjang jimat jsb.
Siswa : Kantos sabaraha katurunan anu
nempatan ieu keraton teh?
Narasumber : Kantos 12 Turunan.
Siswa : Saha anu ayeuna mupuhuan ieu
keraton?
Narasumber : Sultan
Muhammad Ammirudin
Siswa :
Janten ari sadaya kulawarga keraton teh nempatan ieu keraton?
Narasumber : Tos puguh aturanna, upami anggota keraton
anu istri tos nikah mah kudu kaluar ti ieu keraton, salakina oge teu meunang
nyicingan ieu keraton. Selian tidinya, mun geus boga incu geh kudu kaluar ti
keraton.Jadi teu sakabeh tiasa nyicingan ieu keraton.
Siswa : Nya atuh nuhunnya kang tina
sadaya informasina, hapunten tos ngaganggu waktosna.
Narasumber : Teu nanaon, Muhun sami-sami.
-
Hasil Wawancara ( Bahasa Indonesia )
Wawancara Seputar Keraton Kanoman
Siswa : Permisi mas, mau minta
waktunya buat jadi narasumber untuk wawancara seputar keraton kanoman ini, bisa
ga mas?
Narasumber :
Boleh.
Siswa :
Terimakasih mas.
Narasumber :
Sama-sama.
Siswa : Berbicara seputar
keraton, kenapa keraton ini dulunya dari hasil pemisahan dari keraton
kasepuhan?
Narasumber : Sebenarnya keraton tidak dibagi dua,
pada zaman dahulu abad ke-16 keraton ini di pimpin oleh Panembahan Girilayah
(generasi ke-5 dari sunan Gunung Jati) ia memutuskan untuk pindah ke Mataram karena
menikah dengan putri mataram, dan memiliki dua orang anak laki-laki, setelah
itu ia meninggal dan menyebabkan keraton berada di dua tempat.
Siswa :
Bagaimana sejarahnya bisa seperti itu?
Narasumber : Pada saat itu Kerajaan mataram dalam
keadaan terpuruk. Sehingga diambil keputusan bahwa putra raja pertama diasuh
dan dibesarkan oleh Sultan Agung Tirtayasa di Banten, sedangkan Putra kedua dibesarkan
tetap di Mataram.
Setelah puluhan tahun, Utusan
dari Cirebon datang ke Mataram untuk mencaro putra raja yang hilang, dan yang
ditemukan pertamakali adalah Purta mahkota kedua. Karena keadaan Cirebon yang
terpuruk diputuskanlah mengangkat Putra raja kedua sebagai pemimpin di
kesultanan Cirebon (Keraton Kasepuhan).
Siswa :
Lalu bagaimana sikap kakak nya terhadap keputusan itu?
Narasumber : Setelah beberapa tahun, Putra pertama
mendatangi Cirebon untuk mengetahui keadaan Cirebon yang sebenarnya. Karena
sang adik telah diangkat menjadi pemimpin, Sang kakak pun menganggap hal
tersebut tidaklah adil, sehingga diputuskan dan menghasilkan bahwa sang kaka
mendirikan keraton kanoman ini.
Siswa :
Setelah itu, bagaimana hubungnan kedua bersaudara ini?
Narasumber : Kerana dadanya perpecahan diantara
keduanya, maka diambil jalan tengah untuk membagi warisan, maka di sepakati
bahwa sang adik mendapatkan bangunan keraton kasepuhan, dan sang kakak
mendapatkan benda-benda pusaka sekaligus dengan tradesi yang ada.
Siswa : Lalu, kapan keraton
kanoman ini didirikan?
Narasumber :
Siswa : Selama keraton ini
berdiri, pernahkah mengalami renovasi?
Narasumber : Sacara fisik Keraton kanoman ini belum
mendapat renovasi yang merubah dasain keraton ini, tetapi terdapat beberapa
perusahan seperti mengganti atap dari sirep menjadi genteng dan didirikannya
sanggar tarii.
Siswa :
Biasanya di keraton ini terdapat acara tradisi apa saja?
Narasumber : Kalau sudah masuk bulan maulis,
biasanya diadakan acara maulidan (muludan), kegiatannya banyak, seperti
pagelaran seni gamelan sekaten, penyucian benda pusaka, upacara lamaran
(arak-arakan) dan acara marhabanan.
Siswa : Oh iya mas, kenapa pada
pintu gerbang dihiasi oleh piring-piring, apakah ada makna dan fungsinya?
Narasumber : Piring-piring pada gerbang masuk
itu tidak memiliki makna hanya sebagai hiasan, tetapi pada gerbang tersebut
(bernama pintu Senggrowong) dijadikan pintu masuk kedalam keraton, untuk acara
maulidan, arak-arakan dan upacara panjang jimat.
Siswa : Sudah berapa keturunan yang
menempati keraton ini?
Narasumber : Sudah 12 keturunan.
Siswa : Siapa yang sekarang memimpin
keraton ini?
Narasumber : Sultan
Muhammad Ammirudin
Siswa :
Apa semua anggota keluarga dan keturunannya tinggal disini?
Narasumber : Kesultanan disini terdapat peraturan,
yaitu anggota keraton yang perempuan, jika sudah menikah harus keluar dari
keraton. Posisinya suaminya tidak boleh tinggal di keraton. Selain itu, jika
sudah memiliki cucu, cucu tersebut harus keluar dari keraton.
Siswa : Yasudah terimakasih mas atas
informasinya, mohon maaf sudah mengganggu waktunya.
Narasumber : Tidak apa-apa de, sama-sama.