Sabtu, 28 Mei 2016

Tugas Wawancara Bahasa Sunda dan terjemahan


Berikut ini adalah salah satu contoh tugas laporan praktikum wawancara berbahasa sunda dan terjemahannya, semoga bermanfaat.



PANGANTEUR

Assalamua’laikum wr.wb.
Ieu mangrupakeun salah sahiji bentuk sajian karya tulis anu Alhamdulillah tiasa direngsekeun ku sarerea, dina ieu makalah disajikeun hasil wawancara basa sunda ngernaan hiji perkawis.
Sajalan jeung Pangajaran Basa Sunda Bab Wawancara anu munggaran tos kuuraang di pelajari, kukituna ieu mangrupa hasil pengajaran dina bab Wawancara.
Kukituna Pangarang nuhunkeun dihapunteun upami dina panyajian masih seueur kakurangan anu kedah dilereskeun. Mugi-mugi noan-naon anu tos dilaksanakeun aya manfaatna kangge panyusun oge tiasa manfaat kangge anu maca ieu karya tulis.
Haturnuhun, Wassalmua’laikum wr.wb

Panyusun

  

  

DAFTAR EUSI


1.      Panganteur…………………………………………………………........................................    (1
2.      Daftar eusi…………………………………………………………........................................    (2
3.      BAB I (Bubuka)
A.      Pengertian Wawancara ………………………………….....................................    (3
B.      Maksud jeung Tujuan ………………………………….......................................    (3

4.      BAB II (Eusi)
Bahan - Daftar Pertanyaan…………………………………....................................................    (4
Hasil Wawancara Basa sunda…………………………….......................................................    (5
Hasil Wawancara Bahasa Indonesia……………………........................................................     (7





BAB I


A.      Pengertian wawancara

Wawancara nyaeta kagiatan nyarita dua arah nu biasana dilaksanakeun ku wartawan (jalma nu neangan informasi ) pikeun ngagali informasi ti hiji jalma (narasumber) ngernaan hiji perkawis anu patali jeung maksud anu ditanyakeun.



B.      Maksud jeung Tujuan

a)      Latihan keur jadi wartawan pikeun meunang informasi
b)      Pikeun ngagali informasi ti hiji jalma ( narasumber )
c)      Ngalaksanakeun tugas akhir semester 3 pangajaran basa sunda





BAB II

-          Bahasan

Wawancara ngeunaan Keraton Kanoman


-          Daftar Pertanyaan

1)      Ngeunaan ieu keraton, kunaon keraton ieu teh janten hasil pamekaran ti keraton kasepuhan?
2)      Kumaha sajarahna eta teh kang?
3)      Teras kumaha sikep Putra nu Cikal ka eta kaputusan teh?
4)      Janten kumaha hubungan antara lanceuk jeung adi na kang?
5)      Iraha Keraton kanoman ieu didirikeun teh kang?
6)      Salami keraton kanoman ieu didirikeun, aya renovasi henteu kang?
7)      Biasana sok diayakeun acara tradisi naon bae kang di Keraton Kanoman teh?
8)      oh enya, kunaon dina panto gerbang teh dihiasan ku piring-piring, naon maksad jeung fungsina?
9)      Kantos sabaraha katurunan anu nempatan ieu keraton teh?
10)   Saha anu ayeuna mupuhuan ieu keraton?
11)   Janten ari sadaya kulawarga keraton teh nempatan ieu keraton?




      Hasil Wawancara ( Basa Sunda )

Wawancara perkawis Keraton Kanoman

Siswa            : Punten kang, bade nyuhunkeun waktosna pikeun janten narasumber kangge di  wawancara, ngeunaan keraton kanoman, tiasa henteu?
Narasumber  : Mangga, teusawios.
Siswa            : Haturnuhun kang.
Narasumber  : Sami-sami.
Siswa            : Ngeunaan ieu keraton, kunaon keraton ieu teh janten hasil pamekaran ti keraton kasepuhan?
Narasumber  : Saleresna mah keraton teh teu dibagi dua, ngan harita keur abad ka-16 anu di pupuhuan ku Panembahan Girilayah (generasi ka-5 ti sunan Gunung Jati) anjeunna ingkah ti Cirebon ka Mataram kusabab anjeunna nikah, teras ngagaduhan dua putra tapi anjeunna maot. Anu janten sebab ieu keraton janten dua.
Siswa            : Kumaha sajarahna eta teh kang?
Narasumber  : Basa harita situasi Kerajaan Mataram teh terpuruk. Kusabab kitu Purta nu cikal teh diasuh ku Sultan Agung Tirtayasa di Banten, sedengkeun si Putra nu kadua diasuh jeung di gedekeun di Mataram.
Sageus puluhan taun, Utusan ti Cirebon teh datang ka Mataram keur neangan Putra Mahkota anu lila teu kapanggih, teras wae anu ditimukeun tiheula teh Putra nu kadua. Kusabab di Cirebon kaayaanna darurat janten Putra nu kadua teh diangkat janten pamimpin di kasultanan Cirebon (Kasepuhan).
Siswa            : Teras kumaha sikep Putra nu Cikal ka eta kaputusan teh?
Narasumber  : Selang sababaraha taun, Si Cikal teh datang ka Cirebon kusabab hayang apal kaayaan di Cirebon nu sabenerna. Kusabab Si Bungsu jadi Pamimpin Di Kasultanan, Si Cikal teh Kasirihan, ahirna diayakeun musyawarah, anu hasilna si Cikal ngadirikeun Keraton Kanoman.
Siswa            : Janten kumaha hubungan antara lanceuk jeung adi na kang?
Narasumber  : Nah eta, kusabab ayana pepecahan anatar adi jeung lanceuk, kukituna aya kasepakatan anu nyatakeun adina meunang warisan bangunan keraton, Lanceukna meunang warisan barang-barang pusaka salahsahijina Kareta Paksinagaliman, Panjang jimat, jsb.
Siswa            : Iraha Keraton kanoman ieu didirikeun teh kang?
Narasumber  :
Siswa            : Salami keraton kanoman ieu didirikeun, aya renovasi henteu kang?
Narasumber  : Sacara fisik mah keraton kanoman teu acan aya renovasi anu ngarobah desain ieu keraton, ngan aya sakedik parobihan anu tos kabawa ku parobihan jaman, sapertos parobihan atap ti sirep jadi ku kenteng jeung didirikeun ranggar tari.
Siswa            : Biasana sok diayakeun acara tradisi naon bae kang di Keraton Kanoman teh?
Narasumber  : Upami tos asup ka sasih mulud, biasana diayakeun acara muludan, kagiatanna loba, aya penampilan gamelan sekaten, ngumbah pakakas pusaka, upacara lamaran (arak-arakan), jeung acara marhabanan.
Siswa            : oh enya, kunaon dina panto gerbang teh dihiasan ku piring-piring, naon maksad jeung fungsina?
Narasumber  : piring-piring dina gerbang teh teu aya maksad nanaon ngan ukur hiasan wungkul, ngaran eta Gerbang the nyaeta panto Senggrowong pikeun gerbaang asup ka wilayah keraton biasa dipake pikeun acara maulid nabi, arak-arakan panjang jimat jsb.
Siswa            : Kantos sabaraha katurunan anu nempatan ieu keraton teh?
Narasumber  : Kantos 12 Turunan.
Siswa            : Saha anu ayeuna mupuhuan ieu keraton?
Narasumber  : Sultan Muhammad Ammirudin
Siswa            : Janten ari sadaya kulawarga keraton teh nempatan ieu keraton?
Narasumber  : Tos puguh aturanna, upami anggota keraton anu istri tos nikah mah kudu kaluar ti ieu keraton, salakina oge teu meunang nyicingan ieu keraton. Selian tidinya, mun geus boga incu geh kudu kaluar ti keraton.Jadi teu sakabeh tiasa nyicingan ieu keraton.
Siswa            : Nya atuh nuhunnya kang tina sadaya informasina, hapunten tos ngaganggu waktosna.
Narasumber  : Teu nanaon, Muhun sami-sami.




-          Hasil Wawancara ( Bahasa Indonesia )


Wawancara Seputar Keraton Kanoman
Siswa            : Permisi mas, mau minta waktunya buat jadi narasumber untuk wawancara seputar keraton kanoman ini, bisa ga mas?
Narasumber  : Boleh.
Siswa            : Terimakasih mas.
Narasumber  : Sama-sama.
Siswa            : Berbicara seputar keraton, kenapa keraton ini dulunya dari hasil pemisahan dari keraton kasepuhan?
Narasumber  : Sebenarnya keraton tidak dibagi dua, pada zaman dahulu abad ke-16 keraton ini di pimpin oleh Panembahan Girilayah (generasi ke-5 dari sunan Gunung Jati) ia memutuskan untuk pindah ke Mataram karena menikah dengan putri mataram, dan memiliki dua orang anak laki-laki, setelah itu ia meninggal dan menyebabkan keraton berada di dua tempat.
Siswa            : Bagaimana sejarahnya bisa seperti itu?
Narasumber  : Pada saat itu Kerajaan mataram dalam keadaan terpuruk. Sehingga diambil keputusan bahwa putra raja pertama diasuh dan dibesarkan oleh Sultan Agung Tirtayasa di Banten, sedangkan Putra kedua dibesarkan tetap di Mataram.
Setelah puluhan tahun, Utusan dari Cirebon datang ke Mataram untuk mencaro putra raja yang hilang, dan yang ditemukan pertamakali adalah Purta mahkota kedua. Karena keadaan Cirebon yang terpuruk diputuskanlah mengangkat Putra raja kedua sebagai pemimpin di kesultanan Cirebon (Keraton Kasepuhan).
Siswa            : Lalu bagaimana sikap kakak nya terhadap keputusan itu?
Narasumber  : Setelah beberapa tahun, Putra pertama mendatangi Cirebon untuk mengetahui keadaan Cirebon yang sebenarnya. Karena sang adik telah diangkat menjadi pemimpin, Sang kakak pun menganggap hal tersebut tidaklah adil, sehingga diputuskan dan menghasilkan bahwa sang kaka mendirikan keraton kanoman ini.
Siswa            : Setelah itu, bagaimana hubungnan kedua bersaudara ini?
Narasumber  : Kerana dadanya perpecahan diantara keduanya, maka diambil jalan tengah untuk membagi warisan, maka di sepakati bahwa sang adik mendapatkan bangunan keraton kasepuhan, dan sang kakak mendapatkan benda-benda pusaka sekaligus dengan tradesi yang ada.
Siswa            : Lalu, kapan keraton kanoman ini didirikan?
Narasumber  :
Siswa            : Selama keraton ini berdiri, pernahkah mengalami renovasi?
Narasumber  : Sacara fisik Keraton kanoman ini belum mendapat renovasi yang merubah dasain keraton ini, tetapi terdapat beberapa perusahan seperti mengganti atap dari sirep menjadi genteng dan didirikannya sanggar tarii.
Siswa            : Biasanya di keraton ini terdapat acara tradisi apa saja?
Narasumber  : Kalau sudah masuk bulan maulis, biasanya diadakan acara maulidan (muludan), kegiatannya banyak, seperti pagelaran seni gamelan sekaten, penyucian benda pusaka, upacara lamaran (arak-arakan) dan acara marhabanan.
Siswa            : Oh iya mas, kenapa pada pintu gerbang dihiasi oleh piring-piring, apakah ada makna dan fungsinya?
Narasumber  : Piring-piring pada gerbang masuk itu tidak memiliki makna hanya sebagai hiasan, tetapi pada gerbang tersebut (bernama pintu Senggrowong) dijadikan pintu masuk kedalam keraton, untuk acara maulidan, arak-arakan dan upacara panjang jimat.
Siswa            : Sudah berapa keturunan yang menempati keraton ini?
Narasumber  : Sudah 12 keturunan.
Siswa            : Siapa yang sekarang memimpin keraton ini?
Narasumber  : Sultan Muhammad Ammirudin
Siswa            : Apa semua anggota keluarga dan keturunannya tinggal disini?
Narasumber  : Kesultanan disini terdapat peraturan, yaitu anggota keraton yang perempuan, jika sudah menikah harus keluar dari keraton. Posisinya suaminya tidak boleh tinggal di keraton. Selain itu, jika sudah memiliki cucu, cucu tersebut harus keluar dari keraton.
Siswa            : Yasudah terimakasih mas atas informasinya, mohon maaf sudah mengganggu waktunya.
Narasumber  : Tidak apa-apa de, sama-sama.


1 komentar:

  1. Harrah's Resort Casino - MapYRO
    Harrah's Resort Casino in Maricopa, 제천 출장샵 AZ. 0.1 mi. star 순천 출장안마 rating, 777 양주 출장마사지 reviews, 3180 춘천 출장마사지 reviews Price range: $ (Based on Average Nightly 강원도 출장마사지 Rates for a Standard Room from our Partners)

    BalasHapus