Sabtu, 28 Mei 2016

Tugas Pedaran Bahasa Sunda


Tugas Pedaran bahasa sunda -

Tema                           : prak-prakan upacara seren taun
Tujuan                         : sangkan appal kana tradisi urang sunda jeung bias nambah kana     budaya.
Nyusun Karangka       : - Harti upacara seren taun
                                      - Tujuan upacara seren taun
                                      - Prak-prakan jeung makna upacara seren taun


SEREN TAUN
Seren taun maengrupakeun salah sahiji bentuk upacara urang sunda khususna rumpun sunda nu daerahna teu jauh ti pagunungan. Seren taun nyaeta hiji upacara anu mangrupa ngungkapkeun rasa sukur kana hasil panen pepelakan anu geus di pelak nepikeun ka waktuna panen.

Seren taun teh sok dilaksanakeun dina bulan rayagung tina kalender urang sunda nyaeta dina tanggal 22. Seren taun teh sok dirarame ku urang sunda lokal jeung sok aya oge wisatawan. Anu runtuyan acarana lain saukur ritual tapi aya hiburan jeung kasenian.
Dina prakprakan Upacara seren taun teh sok dimimitian ku acara upacara ngajayak ( mapag pare ) anu dilaksanakeun dina  tanggal 18 Rayagung anu dilanjutkan ku upacara numbuk pare dina tanggal 22 Rayagung. Ngajayak dina basa sunda teh hartina narima atawa nyambut, sedengkeun bilangan 18 dina basa sunda diucapkeunna dalapan welas anu maksudna mah welas asih nu hartina cinta asih sarta kamurahan gusti anu geus mere kabarokahan dina kahirupan ka sagala pangjuru bumi.

Dina puncak acara seren taun nyaeta dilaksanakeunna numbuk pare dina tanggal 22 rayagung eta teh miboga makna, bilangan 22 teh gabungan ti angka 20 jeung 2. Pare anu ditumbuk dina puncak acara the sajumlah 22 kintal, anu pangbagianna 20 kintal anu ditumbuk teh dibagikeun ka masyarakat jeung anu 2 kintal teh modal jang melak dina musim melak taun kahareup. Bilangan 20 oge ngagambarkeun unsur anatomi anu aya dina awak jalma, nyaeta

1. getih atau darah, 2. daging, 3. bulu, 4. kuku, 5. rambut, 6. kulit, 7. urat, 8. polo atau otak, 9. bayah atau paru, 10. ari atau hati, 11. kalilipa atau limpa, 12. mamaras atau maras, 13. hamperu ataun empedu, 14. tulang, 15. sumsum, 16. lamad atau lemak, 17. gegembung atau lambung. 18. peujit atau usus. 19. ginjal dan 20. jantung.
20 anu kasebut eta teh ngahiji anatara organ jeung sel tina awak jeung boga fungsi anu ngaragam.

Dina upacara seren taun anu jadi banda utamana nyaeta pare. Pare teh ngalambangkeun kemakmuran khususna daerah Cigugur jeung daerah sunda lainna anu mangrupakeun daerah pertanian, sajalan jeung  kisah klasik satra sunda, misalna kisah Pwah Aci Sahyang Asri anu mere kasuburan ka pepelakan anu aya dibumi. Dina seren taun teh urang sunda ngalanglangan deui kana kisah-kisah klasik jaman baheula.

Dina acara seren taun oge sok aya prosesi nyokot cai suci diantarana ti cibulan, ti gunung ciremai, jeung ti waduk darma, eta cai teh engkena bakal dijampe-jampe jeung di bere doa-doa anu engkena diciprak-ciptakkeun ka jalma anu hadir sangkan meunang karahayuan dina hirupna.

Dina upacara seren taun kasenian anu sok ditampilkeun nyaeta Damar Sewu biasana ditampilkeun keur ngabuka upacara seren taun anu ngagambarkeun kahirupan manusa dina hirup, terus aya tari buyung nu mangrupa tarian adat sunda, Pesta Dadung, Ngamemerokeun, Tarawangsa, Tari Pwah Aci,

Sageus acara numbuk pare jeung ciprak cai suci, ditutup ku acara sidekah kueh dina pikulan, saha bae jalma anu meunang eta kueh teh baka meunang barokah nu ngalimpah, jeung aya ritual lainna jeung ku doa-doa.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar